
Cirebon, UPMKNews – Kaping (22/08/2023) Festival Langlayangan suksés diayakeun di Lapangangan Desa Tersana Kecamatan Pabedilan Kabupaten Cirebon. Acara ieu digelar ku sababaraha unsur nu aya di Desa Tersana nyaéta PemDes, BPD jeung Karang Taruna. Tujuana nyaéta pikeun ngamumulé kaulinan barudak nu ayeuna geus jarang peminatna.
Nu hebat dina acara ieu nyaéta Pak Ridwan Kamil, Gubernur Jawa Barat milu ngaramékeun Festival taun ieu. Pak Ridwan Kamil ngabuka ieu acara didampingi ku Bupati Cirebon, Pak Imron jeung Kuwu Desa Tersana, Pak Sarja Sugendri. Salian ti éta, Kang Charly Van Houtten ogé milu nimbrung dina ieu acara. Naha aya Kang Charly didieu? Sabab Desa Tersana nyaéta tanah kelahiran Vokalis Setia Band alias Kang Charly.
Tujuan digelarna Festival Langlayangan nyaéta pikeun ngamumulé langlayangan salaku kaulinan nu ayeuna geus jarang dimaénkeun ku barudak jaman ayeuna. Urang sadaya sepakat barudak jaman ayeuna leuwih bétah sapopoe ngomé HP. Ku kituna Panitia ngaharepkeun ieu acara bisa nyadarkeun barudak yén langlayangan teu éléh raména.
Langlayangan loba kaleuwihanana ti batan ngomé HP, dina maén langlayangan barudak diajar sosialisasi jeung batur-baturna, diajar kerjasama, diajar nyusun strategi kumaha carana meunang lamun diadu, nyusun stratégi kumaha carana mulung langlayangan nu pegat, jeung otomatis budak nu sok maén langlayangan bakal séhat jiwa jeung ragana ku sabab sok lulumpatan. Lain barudak baé nu mimiluan dina ieu acara, jalma dewasa jeung bapa-bapa ogé mimiluan. Lolobana mah aranjeuna hoyong nostalgia ngamaénkeun ieu kaulinan.
Festival Langlayangan ngarebutkeun hadiah nu jumlahna lumayan. Aya 2 katégori lomba, nyaéta lomba diadu jeung lomba kréasi langlayangan. Lomba kréasi langlayangan katégori penilaianna nyaeta nu ngandung “Pesan Damai”. Bisa tina bentukna atanapi tina kata-kata nu dipidangkeun.
Acara nu kaitung “Besar” ieu suksés digelar. Warga ngaharepkeun ieu acara kudu terus aya ti taun ka taun. Jajaran PemDes, BPD, jeung Karang Taruna ogé ngarasa puas. Mudah-mudahan Festival Langlayangan taun 2024 bisa digelar deui jeung leuwih meriah ti taun ayeuna.
Penulis: Icang, Mahasiswa RPL